Kamis, 03 Oktober 2013

RPP Bahasa Sunda


RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )

Satuan Pendidikan          : SMPN 1 KOTABARU
Mata pelajaran                : Bahasa Sunda
Kelas / Semester              : VIII / 1
Alokasi Waktu                 : 2 x Pertemuan
Standar Kompetensi
8.1       Mampu menyimak, memahami dan menanggapi pembacaan berbagai wacana lirik (rumpaka) lagu, biografi dan pembacaan bahasan.
Kompetensi Dasar
8.1.1 Bisa menceritakan kembali isi rumpaka  kawih yang dinyanyikan guru / tape recorder secara mandiri
8.1.2 Bisa menyimpulkan hal-hal yang menarik yang terdapat dalam rumpaka kawih (dinyanyikan langsung atau rekaman) secara kreatif
Indikator
§ Dapat mengingat (hafal) rumpaka lagu yang diperdengarkan
§ Dapat memahami atau dapat menceritakan isi rumpaka kawih.
§ Dapat menanggapi berbagai aspek wacana rumpaka dalam diskusi.
§ Dapat menyanyikan lagu kawih sendiri atau bersama-sama

A.    Tujuan Pembelajaran
§  Siswa dapat  menanggapi  dan  menyimpulkan isi  rumpaka kawih secara mandiri dan kreatif

B.     Materi Pokok
                                                                Kawih
                                                                MANUK DADALI

MESAT NGAPUNG LUHUR JAUH DI AWANG- AWANG
MEBERKEUN JANGJANGNA BANGUN TAYA KARINGRANG
KUKUNA RANGGOAS REUJEUNG PAMATUKNA NGELUK
NGAPAK MEGA BARI HIBERNA TARIK NYURUWUK

SAHA ANU BISA NYUSUL KANA TANDANGNA
GAGAH JEUNG PERTENTANG TAYA BANDINGANNANA
DIPIKAGIMIR DIPIKA SERAB KU SASAMA
TAYA KAREMPAN KASIEUN LEBER WAWANENA

MANUK DADALI MANUK PANGGAGAHNA
PERLAMBANG SAKTI INDONESIA JAYA
MANUK DADALI PANGKAKONCARANA
RESEP NGAHIJI  RUKUN SAKABEHNA

HIRUP SAUYUNAN TARA PAHIRI-HIRI
SILIH PIKANYAAH TEU INGGIS BELAPATI
MANUK DADALI NGANDUNG SILOKA SINATRIA
KEUR SAKUMNA BANGSA DINAGARA INDONESIA

                                                                ISOLA
       
Isola .....
Bumi Siliwangi
Liliwatan Bandung - Lémbang
Suku Tangkubanparahu
Ngabedega éndah agréng sigrong
Isola ....
Pada muru ti jauhna
Kajojo sa-Nusantara
Kader-kader keur harepan bangsa
ti Isola mimitina

SABILULUNGAN

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silihrojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong  (katémbong)

Tohaga  (tohaga),  rohaka  (rohaka)
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia  (sadia),  sajiwa  (sajiwa)
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

C.    Metode Pembelajaran

1.      Pendekatan        : Komunikatif,  alamiah

2.      Metode               : Demonstrasi

3.      Teknik                : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas


D.    Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
Kegiatan
Waktu
1
Pendahuluan
10

§   Guru datang tepat waktu (nilai yang ditanamkan: disiplin)
§   Guru mengucapkan salam dengan ramah kepada siswa ketika memasuki ruang kelas (nilai yang ditanamkan: santun, peduli)
§   Berdoa sebelum membuka pelajaran (nilai yang ditanamkan: religius)
§   Mengecek kehadiran siswa (nilai yang ditanamkan: disiplin, rajin)
§   Mendoakan siswa yang tidak hadir karena sakit atau karena halangan lainnya (nilai yang ditanamkan: religius, peduli)
§   Memastikan bahwa setiap siswa datang tepat waktu (nilai yang ditanamkan: disiplin)
§   Menegur siswa yang terlambat dengan sopan (nilai yang ditanamkan: disiplin, santun, peduli)
§   Mengaitkan materi/kompetensi yang akan dipelajari dengan karakter
§   Dengan merujuk pada silabus, RPP, dan bahan ajar, menyampaikan butir karakter yang hendak dikembangkan selain yang terkait dengan SK/KD



Kegiatan Inti
60

Eksplorasi:
§   Siswa menyimak rumpaka kawih yang diperdengarkan dengan sungguh sungguh dan mandiri
§   Menyanyikan rumpaka kawih dengan penuh tanggung jawab yang telah disimak secara sendiri-sendiri maupun bersama-sama
§   Siswa diberikan kesempatan menyanyikan rumpaka kawih yang ditemukan sendiri dan dikuasai sebelumnya secara kreatif
Elaborasi:
§   Bertanya jawab tentang topik lagu yang disimak
Konfirmasi:
§   Bertanya jawab tentang isi lagu (diskusi)



Penutup
10

§   Bersama guru, siswa menyimpulkan isi lagu
§   Postes
§   Siswa ditugaskan untuk menyanyikan lagu  serta menelaah isinya


E.     Alat/ Bahan / Sumber
§  Naskah/rumpaka  lagu
§  Kaset
§  Buku pegangan
§  Tape recorder

F.     Penilaian
Indikator
Teknik
Bentuk
Instrumen
Kunci Jawaban

Dapat mengingat (hafal) rumpaka lagu yang diperde-ngarkan

Lisan
Uraian
Cing sebutkeun  rumpaka kawih pada kahiji!
Dina lampiran

Dapat memahami atau dapat menceritakan isi rumpaka kawih.

Lisan/Tulisan
Uraian
Naon eusi eta rumpaka kawih Wajar Dikdas 9 taun?
Kawajiban sakabeh warga nagara sangkan diajar nepi ka tingkat SMP.
Dapat menanggapi berbagai aspek wacana rumpaka dalam diskusi.
Lisan/ Tulisan
Uraian
§ Naon nu disebut kawih? Jentrekeun!
§ Tulis rupa-rupa kawih dumasar kana eusina!
§ Sebutkeun conto kawih nu eusina atikan!
§ naon nu disebut kawih barudak?
§ Terangkeun eusi kawih!
Dina lampiran materi

Dapat menyanyikan lagu kawih sendiri atau bersama-sama

Lisan
Uraian
Cing haleuangkeun ku hidep eta kawaih!
Gumantung siswa


BAHAN AJAR

KAWIH

ISOLA
       
Isola .....
Bumi Siliwangi
Liliwatan Bandung - Lémbang
Suku Tangkubanparahu
Ngabedega éndah agréng sigrong
Isola ....
Pada muru ti jauhna
Kajojo sa-Nusantara
Kader-kader keur harepan bangsa
ti Isola mimitina

SABILULUNGAN

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silihrojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong  (katémbong)

Tohaga  (tohaga),  rohaka  (rohaka)
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia  (sadia),  sajiwa  (sajiwa)
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

WAJAR DIKDAS 9 TAUN
Surupan : Sorog/Madenda

Udagan mangsa rék datang
Raharja nanjung gumilang
Pangeusi hirup walagri
Mandiri wibawa nagri
Harepan tinemu bagja
Waluya raharja bangsa
Ngajawab tantangan jaman
Dasarna ku pendidikan
Reff:    Wajar, wajar, wajar
Wajib belajar
Wajar, wajar, wajar
Pendidikan dasar sembilan taun
Wajar, wajar, wajar
Wajib belajar
Wajar,wajar,wajar
Hayu urang gempung dilaksanakeun

KABEUNGHARAN KECAP
Raharja                  =    ma’mur, teu kurang sandang pangan
Walagri                  =    cageur, sehat sarta henteu tanpa daksa
Nanjung                =    gede darajat, alus milik
Gumilang              =    cahayaan, herang, alus pisan, punjul ti batur
Gempung              =    kumpul, kumpulan
Waluya                  =    salamet

PEDARAN


Kawih atawa sok disebut ogé sekar tandak nyaéta rumpaka anu kauger ku embat/témpo, patokan-patokan boh pupuh atawa ugeran séjénna. Rumpaka Lagu-lagu kawih lolobana kauger ku jumlah padalisan, guru wilangan jeung  guru lagu. Lobana jajaran atawa padalisan dina sapada lagu-lagu kawih diwangun ku opat padalisan. Guru wilangan diwangun ku dalapan engang. Sedengkeun guru laguna miboga pola anu tangtu saperti a-a-a-a, a-b-a-b, a-a-b-b. Ku kituna dina nembangkeun lagu-lagu kawih bisa dipirig ku waditra saperti gamelan, kacapi, angklung  jeung  sajabana.
Ditilik tina eusina, kawih bisa digolongkeun saperti di handap :
1.            Kawih perjoangan, eusina pikeun ngagedurkeun sumanget para pajoang dina nyanghareupan musuh.
         Contona: Karatagan Pahlawan, 17 Agustus 1945, Angkatan Perang, Baju Héjo, Wangsit Siliwangi, Pahlawan Toha, Gedur Tékad Perjuangan  jeung réa-réa deui.
2.            Kawih Pupujian, eusina muji ka Allah, nembongkeun kaagungan Allah, do’a, sholawat ka Nabi Muhamad.
         Contona: Sholawat Nabi, Lebaran, Do’a, Allah, jrrd.
3.            Kawih silih asih, eusina nembrakeun rasa kaasih rumaja.
Contona: Anjeun, Kalangkang, Situ Paténgan, Talaga Remis, jrrd.
4.            Kawih Atikan, eusina méré atikan sangkan tetep aya dina bebeneran, persatuan jeung kesatuan.
Contona: Sabilulungan, Rakgantang
5.            Kawih nu eusina ngagambarkeun kaéndahan alam.
Contona : Pasundan Eksiganda, Bandung
Aya oge nu disebut kakawihan, nyaéta lagu-lagu kawih nu sok ditembangkeun ku barudak bari arulin di buruan.
Kakawihan bisa digolongkeun  kana dua golongan.
1.            Kakawihan Murangkalih,  Ieu kawih  bisa dipirig ku waditra lantaran rumpakana kauger ku patokan.
         Contona:Ucing diudag anjing, Arulin di buruan, Rasa Gumbira, Oray-orayan, jrrd.
2.            Kakawihan Kaulinan Barudak, jarang dipirig ku waditra lantaran rumpakana teu kauger ku patokan. Tapi bisa dipirig ngan bebas wirahma.
         Saméméh aya  listrik kakawihan sok dihaleuangkeun ku barudak bari ulin di buruan dicaangan ku cahaya bulan purnama. 
         Contona: Bulantok, Paciwit-ciwit Lutung, Ngawihan Hujan, Ucing Hui, Ngala Papatong, jrrd.

MATERI PANGDEUDEUL

ISTILAH KASENIAN
Dina pedaran aya kecap sekar tandak, kawih, rumpaka, pupuh jeung sajabana. Eta kecap kaasup kana istilah nu patali jeung kasenian. Istilah kasenian bisa dipasing-pasing saperti di handap.
1.            Palaku seni                     : Sindén, alok, juru kawih, panjak/nayaga, jeung sajabana.
2.            Alat (waditra)                : kendang, rebab, saron, bonang, gambang, suling, kacapi, jeung sajabana.
3.            Cara nabeuh                   : ditepak, dikését, ditiup, dipetik, dicaruk jeung sajabana.
4.            Wangun seni                  : seni mamaos, seni degung, seni angklung, jeung sajabana.
5.            Pangaweruh seni            : anggit, wiletan, wirahma, jeung sajabana.

LEMBAR KERJA SISWA

Jawab pananya di handap !
1.            Saha nu diwajibkeun ku pamaréntah pikeun diajar 9 taun ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
2.            Terangkeun, naon nu dimaksud wajar dikdas salapan taun téh !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
3.            Naon tujuan pamaréntah pangna ngawajibkeun diajar ka masarakatna ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
4.            Saha baé nu wajib nyukséskeun program wajar dikdas 9 taun ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
5.            Terangkeun maksud tina pada kadua kawih wajar Dikdas !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
6.            Naon balukarna lamun warga nagara Indonesia barodo ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
7.            Naon kauntungan pikeun nagara lamun wargana palinter ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
8.            Jieun kalimah tina kecap :
a.       raharja
________________________________________________________________________
b.      walagri
________________________________________________________________________
c.       gempungan
________________________________________________________________________
d.      waluya
________________________________________________________________________

Diskusikeun jeung babaturan, terangkeun maksudna, jieun kalimahna!
1.      Sindén          =       __________________________________________________________
________________________________________________________________________
2.      kendang       =       __________________________________________________________
________________________________________________________________________
3.      angklung      =       __________________________________________________________
________________________________________________________________________
4.      wirahma       =       __________________________________________________________
________________________________________________________________________
5.      nayaga          =       __________________________________________________________
________________________________________________________________________